:

1 Raja-raja 12

1

Dina hiji poe Rehabam angkat ka Sekem di wewengkon kaler, nyumpingan urang Israil kaom-kaom kaler anu geus kumpul rek ngarajakeun ka anjeunna.

2

Ari Yarobam anu keur ngungsi di Mesir nyingkahan Suleman, ngarungu hal eta teh gancang mulang ti Mesir.

3

Sanggeus sumping anjeunna diangkir ku urang Israil kaler, diajak nepangan Rehabam ngasongkeun panuhun kieu,

4

"Suwargina tuang rama, Suleman, kalintang ngarepotkeunana ka abdi sadaya, papancen ti anjeunna beurat pisan. Upami Gusti kersa ngentengkeun eta papancen, abdi sadaya sumeja kumureb ka Gusti."

5

Waler Rehabam, "Kami menta tempo tilu poe, engke maraneh ka darieu deui."

6

Raja Rehabam mundut pirempug sepuh-sepuh urut jurunasehat ramana, saurna, "Kumaha pirempug Bapa-bapa? Jawab kumaha eta anu marenta dientengan papancen teh?"

7

Piunjuk sepuh-sepuh, "Paparin waleran anu nyenangkeun hatena. Tingalikeun yen Gusti kagungan tekad sae ka maranehna, supados maranehna kumureb ka Gusti."

8

Tapi eta pihatur ku Rehabam teu dianggap, seug mundut pirempug jurunasehatna anu ngarora keneh pantaran anjeunna, saurna,

9

"Kumaha ari ceuk maraneh? Jawab kumaha eta anu marenta kaentengan teh?"

10

Ceuk para nonoman, "Saurkeun kieu, ‘Cinggir kami leuwih gede ti batan cangkeng rama kami.’

11

Saurkeun ka maranehna, ‘Papancen ti rama kami beurat, papancen ti kami mah bakal leuwih beurat. Rama kami ngarangketna ku pecut, kami mah arek ku pecut cucuk beusi!’"

12

Sanggeus tempo anu tilu poe beak, Yarobam jeung jalma-jalmana ngadareuheus deui ka Rehabam, sakumaha anu diparentahkeunana tea.

13

Waleran Rehabam lain nurutkeun pirempug sepuh-sepuh, ngawalerna ka eta jelema-jelema teh ketus pisan,

14

numutkeun nasehatna para nonoman. Dawuhanana, "Papancen ti rama kami beurat, papancen ti kami mah bakal leuwih beurat. Maraneh ku rama kami dirangket ku pecut, ku kami mah bakal dirangket ku pecut cucuk beusi!"

15

Geus kitu kersaning PANGERAN sakumaha anu ditimbalkeun ka Yarobam bin Nebat ku Nabi Ahia ti Silo tea. Geus dikersakeun ku PANGERAN supaya eta raja henteu kersa nolih kana pamenta eta jelema-jelema.

16

Barang jelema-jelema tea ngarasa yen pamentana ku raja teu dipalire, breng bae tingcorowok, "Tinggalkeun Daud saanak incu! Karah naon pamerena ka urang! He urang Israil, hayoh urang baralik! Keun bae Rehabam mah sina nguruskeun dirina sorangan!" Jalma-jalma barontak ngalawan.

17

Rehabam pada naringgalkeun, cuang-cieung jadi rajana ngan pikeun jelema-jelema anu araya di wewengkon Yuda.

18

Waktu Rehabam miwarang Adoniram kapala rodi tea ngadatangan urang Israil, Adoniram pada ngabenturan ku batu nepi ka paeh. Ku hal eta gancang Rehabam mancal kareta, ngabujeng ka Yerusalem.

19

Ti semet harita rahayat karajaan Israil di wewengkon kaler baha ngalawan ka raja turunan Daud.

20

Sanggeus urang Israil nyarahoeun yen Yarobam geus mulih ti Mesir, seug ngahaturanan sumping, ti dinya Yarobam ku maranehna diangkat jadi raja nyangking Israil. Anu saratia ka raja turunan Daud ngan kari kaom Yuda.

21

Sasumpingna Rehabam ka Yerusalem, gancang mepek 180.000 prajurit ti kaom Yuda jeung Binyamin, prajurit anu garagah. Maksudna rek merangan kaom-kaom Israil wewengkon kaler, pikeun mulihkeun deui kakawasaanana.

22

Tapi kaburu sumping Nabi Semaya,

23

anu ngemban timbalan Allah pikeun Rehabam jeung jalma-jalma kaom Yuda jeung Binyamin, saurna,

24

"Ulah merangan urang Israil, eta teh dulur maneh sorangan. Geura baralik bae kabeh, da kituna teh ku pangersa Kami." Seug jalma-jalma teh baralik, narurut kana timbalan PANGERAN.

25

Ari Yarobam raja Israil terus ngabenteng kota Sekem di pagunungan Epraim, seug calik di dinya sawatara lilana. Geus kitu angkat ti dinya tuluy ngabenteng kota Penuel.

26

Hiji mangsa anjeunna kagungan manah kieu, "Lamun kieu, lamun rahayat aing terus keneh sok arindit ngurban ka Yerusalem, ka Bait Allah di ditu, lila-lila bisa malik satia ka Rehabam raja Yuda, meureun aing dipaehan."

27

(12:26)

28

Sanggeus ngamanah kitu, seug bae anjeunna ngadamel dua babantengan emas, geus kitu ngalahir ka rahayat, "Ayeuna mah lamun maraneh rek ngabarakti, teu perlu ka Yerusalem. Eh urang Israil, tah ieu allah maraneh, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir!"

29

Babantengan emas teh anu hiji ku anjeunna ditempatkeun di Betel, anu hiji deui di Dan.

30

Seug jalma-jalma mimiti ngabarakti di Betel jeung Dan, ngaralampahkeun dosa.

31

Yarobam terus ngadamel tempat-tempat pangibadahan di puncak-puncak pasir, sarta ngangkat imam-imam lain ti kaom Lewi.

32

Geus kitu Yarobam netepkeun hiji poe kaagamaan, nya eta tanggal lima belas bulan kadalapan, nurutan di Yuda. Seug anjeunna ngurban dina altar di Betel ka babantengan emas kengingna ku anjeun ngadamel. Di Betel anjeunna neundeun imam-imam, sina ngalalayanan di tempat babakti kengingna ngadegkeun.

33

Dina tanggal lima belas bulan dalapan, tanggal kengingna nangtukeun, anjeunna ngurban dina altar di Betel, ngaresmikeun pesta kaagamaan kengingna nyipta pikeun urang Israil.

Link: